Hirup di dunya
Hirup di dunya kumelendang
ulah ngan ukur jadi wayang
tapi kudu jadi dalang
ngaronjat kamajuan milanglang
moal hasil ngan ku sawang.
Umat Islam kudu tandang
ulah daek dipicundang
Sing inget kahirupan urang,
ulah ngan ukur mikiran daang
nyadiakeun futur jeung ngawadang
boh peuting nyakitu beurang
moal aya akhirna iraha tandang
coba ikhtiar pikeun nu kasorang
pae akherat bakal datang.
Nalungtik nu katukang,
ngopenan nu kasorang,
pikeun hirup bakal datang,
sangkan ulah sumoreang,
dina wanci ti kubur hudang.
Shalat wanci aman jeung perang,
lima waktu peuting jeung beurang,
katut tahajud tipeuting hudang.
Shaum kuat najan hanaang,
isuk-isuk buburu miang,
pikeun hirup terus bajoang..