GERENTES LEUTIK
Majar teh ngabela wong cilik,
cenah mentingkeun jalma leutik,
nu puguh mah ngan ukur intrik,
kalah we make batik,
nu jadina ngan ukur licik.
gas jeung beas hargana naik,
sagala mahal nyakitu listrik.
rupiah nilaina terus nukik,
piraku ngan ukur nyoo batu akik?
usaha rahayat jungkir balik,
usulan rahayat rea ditampik,
kahayang cukong anu dilirik..