NAGARA KUDU MA’MUR
MASIH AYA URRR
Hai dulur-dulur
Sehatkeunn badan sakujur,
ucap sikap salawasna jujur,
malikir ulah ngawur,
sumanget ulah luntur,
usaha saluyu jalur,
kana ni’mat kudu syukur,
bagja saumur-umur,
inget maot samemeh tisungkur,
jauhan dosa samemeh kalanjur
buburu taubut samemeh dikubur,
insya Allah nasib bakal mujur,
hontal maghfiroh ti Rabbun Ghafur.
Kuatkeun iman pribadi sakujur,
Ajak batur sekasur,
Wangun kulawarga sadapur,
da’wahan batur salembur,
syi’arkeun Islam ka sa-Gubernur,
wujudkeun nagara subur ma’mur,
sangkan masyhur saumur-umur,
baldatun thayibatun wa Rabbun Ghafur.
Hirup urang ulah nganggur,
lobakeun sobat jeung batur,
Malikir ulah ngalantur,
hate jeung rasa ulah tagiwur.
Iman jeung taat ulah kufur,
antara hak jeung batal ulah campur.
Sumanget juang kudu ngagebur,
lamun halangan ulah mundur,
raraga ngahontal nagara ma’mur
Gara-gara loba nu kufur,
masyarakat jadi tagiwur.
Gagara loba teu jujur,
negeri subur henteu makmur.
Hayu urang atur,
ieu nagara ulah diantep ancur,
Koruptor kudu digempur,
pilih pajabat anu jujur,
Rahayat ulah ngalangur,
wujudkeun nagara ma’mur..