ULAH TAKABUR
Jalma nu kufur takabbur,
hirup bakal tagiwur,
sieun kanyahoan ku batur,
leumpang ge sok tibentur.
Kahayang terus ngagedur,
ari kaboga ngan saukur.
Antukna tigejebur,
Ka naraka nu ngagebur.
Sapopoe nangkeup tuur,
duit ngan cukup keur bubur,
da keur aya sok dihambur,
komo teu wawuh di lembur,
hirupna bakal kabanjur,
ku cai ngagolak anu nyembur.
matak oge kudu daek diatur.