WAHAI PARA PONGGAWA
Wahai para ponggawa,
nu ngurus ieu nagara,
kana jangji ulah sulaya
kudu bisa dipercaya
poma ulah wani durjana
mun rahayat geus cangcaya
ka pamingpin teu satia
nagara bakal bahaya.
Sing inget kanu Kawasa
di ieu dunya moal lana
di akhirat disawala
naon nu dilakonan ayeuna
boh ka surga atawa naraka
gumantung hirup didunya
mun kana poe ahkir geus ingkar
sagala syari’ah wani ngalanggar,
siksa naraka moal bisa disinglar,
kudu amar ma’ruf nahi munkar,
kana kawajiban ulah tomelar,
wasapada hisab bakal digelar,
peupeujeuh ulah susumbar,
aya mizan jeung alam mahsyar.